Senin, 02 April 2012

Kakawihan Vs Boyband

Barudak jaman kiwari, utamana barudak sunda, lolobana leuwih apal kana lagu-lagu nu keur hitz di Televisi, saperti lagu nu dibawakeun ku grup band, lagu dangdut, jeung lagu boyband atawa girlband nu mimiti kacida lobana di nagara urang, daripada kana kakawihan jeung kaulinan barudak nu mangrupa bagian tina jati diri urang sunda. Teu saeutik ogé barudak nu leuwih apal kana lagu-lagu barat nu basana teu dipikaharti ku maranéhna daripada kana lagu-lagu daérah atawa lagu nasional. Barudak téh biasana lain saukur apal kana lagu-laguna, tapi ogé nurutan gaya papakéanna éta penyanyi.
Lamun ku urang ditengetan, naon kanyaho barudak kana masalah cinta, salingkuh, jeung pasualan-pasualan jalma dewasa lianna? Saperti eusi dina lagu-lagu band atawa boyband jeung girlband nu sok dinyanyikeun ku barudak. Katambah-tambah kiwari loba lagu dangdut nu eusina téh teu pantes pikeun dinyanyikeun ku barudak. Tong boro ku barudak, dalah dinyanyikeun ku jalma dewasa gé éta lagu téh asa ‘vulgar’. Contona lagu “Cinta Satu Malam” jeung lagu “Hamil duluan”. Barudak téh bisa paséhat dina ngalagukeunna, bari jeung duka ngarti atawa henteu kana maksud tina éta lagu. Ari kakawihan barudak boro-boro apal, malah duka nyaho duka henteu barudak téh, sabab barudak jaman kiwari leuwih loba nonton Televisi di jero imah daripada arulin di buruan jeung babaturanna. Jadi barudak téh kurang sosialisasi jeung papada batur di lingkunganna.
Sabenerna, barudak miboga dunyana sorangan, dunya ulin, nu béda jeung dunyana jalma déwasa. Tapi hal ieu lain hartina barudak teu meunang campur gaul jeung jalma déwasa. Di dieu, peranan kolot miboga pangaruh nu kacida gedéna. Kolot kudu bisa maham kana naon-naon nu dibutuhkeun ku budak. Sabab tayangan televisi bisa ditonton bébas ku barudak, jadi kolotna kudu bisa méré arahan nu hadé ka barudakna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar