@ Wanci tengah peuting: kira-kira tabuh 00.00-01.00
@ Wanci janari gedé: liwat tengah peuting, kira-kira tabuh 01.00-03.00
@ Wanci janari leutik: kira-kira tabuh 03.00 ngagayuh ka subuh
@ Wanci haliwawar: mimiti balébat saméméh fajar
@ Wanci balébat : ayana udat-udat bodas beulah wétan waktu rék fajar
@ Wanci subuh: mimiti fajar nepi ka bijil panon poé
@ Wanci carincang tihang: kira-kira satengah jam liwat fajar
@ Wanci rebun-rebun: isuk-isuk pisan, masih aya ibun
@ Wanci meleték sarangéngé: mimiti bijil panon poé
@ Wanci haneut moyan: waktu sedeng ngeunah dipaké moyan, kira-kira tabuh 08.00
@ Wanci Rumangsang: sabada haneut moyan, panon poé mimiti karasa panas. Kira-kira tabuh 08-00-11.00
@ Wanci pecat sawed: kira-kira tabuh 10.30, waktu munding nu dipaké magawé dialaan sawedna
@ Wanci manceran: Waktu panon poé keur manceran, kira-kira tabuh 12.00
@ Wanci lingsir ngulon: waktu panon poé ngésér ka kulon, kira-kira tabuh 13.00-14.00
@ Waktu ashar: kira-kira manjing sholat ashar
@ Wanci sariak layung: wanci rék béak layung
@ Wanci érang-érang: waktu panon poé rék surup, manjing waktu maghrib
@ Wanci tunggang gunung: waktu panon poé rék surup pisan
@ Wanci sareupna: waktu panon poé mimiti pisan surup, manjing waktu maghrib
@ Wanci harieum beungeut: geus poék, beungeut jalma ngan ukur témbong belegbegna
@ Wanci sareureuh gaang: sareupna gaang disada, kira-kira manjing waktu isya
@ Wanci sareureuh budak: kira-kira tabuh dalapan peuting, waktu barudak leutik geus saré
Tidak ada komentar:
Posting Komentar