Kamis, 27 September 2012


Dina Harepan

Peuting téh teuing ku simpé
sakolényay kiceup béntang
maturan asih nu léléntaban
iraha atuh rék kedal subaya
banget éndah rébo ku kasono

Sakapeung. . .
Ragab ka wanci éra ku mangsa
Naha bet kitu. . . naha bet kieu. . .
Neuteup eunteung malah keueung
Maca raray gé teu wasa
Rumasa diri lamokot ku dosa
Tapi mungguh rasa mo bisa dibuni-buni
Sugan poé datang deui
Ngagalura mapay jalan pangharepan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar