| Abdi mah caruluk arab, heunteu tarima teh teuing | : | Korma |
| Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing | : | Pengis |
| Abdi teh kapiring leutik, ka isinan ku gamparan | : | Pisin |
| Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing | : | Umaing |
| Ajag desa basa jawa, lesuna teu aya tanding | : | Asu |
| Ajag lembur indramayu, naha bet kalangsu teuing | : | Asu |
| Ajag lembur lamun engkang, enjing heunteu wangsul deui | : | Anjing |
| Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi | : | Tegal |
| Anak beurit dina katung, kapan enden mundut encit | : | Buncit |
| Anak munding masih nyusu, aduh eneng buah ati | : | Eneng |
| Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis | : | ngoyok |
| Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kawari | : | Bodo |
| Areuy leuweung merang daun, ulah sok japilus galih | : | Pulus |
| Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang weungi | : | Lompong |
| Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati | : | Walimah |
| Awi ngora teh jaradi, temah matak jadi liwung | : | Iwung |
| Aya nu di anjing cai, aya nu di heroyan | : | Sero |
| Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi | : | Kapal udara |
| Ayeuna ge sereh tegal, engkang mah sok matak peurih | : | Eurih |
Senin, 26 Maret 2012
Conto wawangsalan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar